Senin, 03 September 2007

Tukang Kai

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu ieu kampak anjeun teh?" Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun ceurik?"

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: "Ieu pamajikan anjeun teh?" Na ari pok teh: "Leres, eta pamajikan abdi teh!"

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :

"Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!"

Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna

Ditulis ku : ndoell - tukang teuing

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur

Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada
tit..tit..tit...

Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna...

Kisah pengkhianatan yang sulit dilupakan dalam sejarah Sunda buhun


Tragedi Palagan Bubat terjadi pada tahun 1357 M. Seperti dikisahkan dalam kitab Pararaton diantaranya :

Bre prabhu ayun ing putri ring Sunda. Patih Madu ingutus angundangeng wong Sunda (Sri Prabu Hayam Wuruk ingin memperistri puteri dari Sunda. Patih Madu diutus mengundang orang Sunda).

Prabu Maharaja Linggabuana dengan permaisurinya Dewi Lara Linsing memiliki puteri cantik jelita yang diberi nama Dyah Pitaloka. Oleh kakeknya Prabu Ragamulya Luhur Prabawa diberi nama pula Citraresmi. Lahir pada tahun 1339 Masehi. Sang puteri terkenal dengan kecantikannya sehingga dijuluki wajra yang berati permata. Sang Prabu Hayam Wuruk menginginkan untuk memperistri sang Puteri, dimana hal tersebut memiliki alasan logis karena mengingat kekerabatan Sunda - Majapahit yang telah terjalin dengan baik sejak lama. Pendiri Majapahit, yaitu Raden Wijaya yang bergelar Sang Kertarajasa Jayawardhana adalah cucu dari Prabu Darmasiksa-Maharaja Sunda.

Untuk itu Bre Majapahit mengutus Patih Madu sebagai utusan kerajaan. Prabu Maharaja Linggabuana menerima lamaran tersebut dan menyetujui untuk melaksanakan upacara pernikahan di keraton kerajaan Majapahit. Namun sayang Mahapatih Gajah Mada tidak menyetujui pernikahan tersebut. Diam - diam ia menginginkan Sang Rajaputeri untuk diserahkan sebagai upeti demi terlaksananya Sumpah Amukti Palapa yang dicanangkannya.

Seperti yang diberitakan oleh kitab Pararaton :

Teka ratu Sunda maring Majapahit, sang ratu Maharaja tan pangaturakan putri. Wong Sunda kudu awaramena tingkahing jurungen. Sira Patihing Majapahit tan payun yen wiwahanen reh sira rajaputri makaturatura. ( “Lalu Raja Sunda datang di Majapahit. Sang Ratu Maharaja tidak bersedia mempersembahkan sang puteri. Orang Sunda harus meniadakan selamatan dan upacara pernikahan kata sang utusan. Sang Mahapatih Majapahit Gajah Mada tidak menginginkan pernikahan resmi, sebab ia menganggap rajaputeri Citraresmi sebagai upeti.”)

Akhirnya Sang Patih meluap amarahnya atas penolakan sang Raja Sunda. Ia memerintahkan laskar Majapahit untuk menghabisi Raja beserta pengiringnya yang hanya beberapa puluh orang. Sang Mahaprabu tidak gentar. Ia berseru :

Walaupun darah akan mengalir bagai sungai di Palagan Bubat ini, namun kehormatanku dan semua ksatria Sunda tidak akan membiarkan penghianatan terhadap negara dan rakyatku. Karena itu , janganlah kalian bimbang!”

Pertempuran yang tidak berimbang ini mengakibatkan seluruh orang Sunda tewas. Sang Ratu dan sang Ratna Citraresmi melakukan bela pati. Pembesar, pengiring, dayang-dayang, tak seorangpun yang tersisa.

Ketika Hayam Wuruk tiba di Palagan Bubat, sangatlah sedih hatinya. Setelah semua jenazah disempurnakan dan dibakar, abu jenazah kemudian dikuburkan di Astana Gede, Kawali. Kemudian Sang Prabu jatuh sakit yang amat lama. Kerajaan menyalahkan Gajah Mada dan merencanakan agar Gajah Mada ditangkap dan dihukum. Sang Patih melarikan diri dan tak tentu rimbanya. Akhir hidupnyapun tidak diketahui dan dicatat dalam sejarah.

Babasan jeung Paribasa

Dina saban basa aya nu disebut babasan jeung paribasa. Boh babasan boh paribasa mangrupa ungkara basa anu geus maneuh, nu ungkarana tara barobah. Digunakeun pikeun nepikeun maksud nu nyaritana sacara henteu langsung tapi baris kahartieun ku nu ngabandunganana bubuhan pada-pada hirup dina alam budaya nu sarua.

Basa Sunda gé mibanda babasan jeung paribasa. Ceuk R. Satjadibrata dina Kamus Basa Sunda (1954): ‘babasan at. paribasa: sawatara kecap nu disusun nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi basana geus kamaphum ku saréréa.” Ari ngeunaan paribasa, Ama Satja nerangkeun kieu: “paribasa (paripaos, l.): kecap-kecap nu disusun jadi omongan nu hartina piluangeun at. jadi pituah.”

Dina katerangan ngeunaan babasan, Ama Satja nyaurkeun yén babasan téh sarua jeung paribasa, da disebutna babasan at. (=atawa) paribasa. Tapi dina kateranganana ngeunaan paribasa, Ama Satja henteu nyebatkeun yén paribasa téh sami sareng babasan. Kateranganana ngeunaan paribasa henteu sarua jeung kateranganana ngeunaan babasan. Katerangan ngeunaan babasan mah: susunan kecap anu hartina béda ti anu wajar tapi kamaphumeun ku saréréa. Ari ngeunaan paribasa mah: kecap-kecap anu disusun nu hartina piluangeun.

Ari dina Kamus Umum Basa Sunda beunang LBSS (1976), babasan téh diterangkeunana kieu: “ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman, sp. gedé hulu, panjang leungeun, legok tapak jst.” Ari katerangan ngeunaan paribasa kieu: “ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa siloka lakuning hirup (pituah, piluangeun, jsb.) sap. Mapatahan ngojay ka meri, Moro julang ngaleupaskeun peusing, jste.”

Dina basa Indonésia gé aya paribasa téh, disebutna perbahasa atawa peribahasa. Ceuk Kamus Besar Bahasa Indonesia damelan Pusat Bahasa ( 1988 ), hartina perbahasa: “perkataan atau kalimat tertentu yang mengandung makna yang khas (kiasan) ......” contona: ”tong kosong nyaring bunyinya, mo-nyet dapat bunga” jllna. Ari peribahasa: “n 1. kelompok kata atau kalimat yang tetap susunannya dan biasanya mengisahkan maksud tertentu (dalam peribahasa termasuk juga bidal, ungkapan, perumpamaan), 2. ungkapan atau kalimat-kalimat ringkas, padat yang berisi perbandingan, perumpamaan, nasihat, prinsip hidup, atau aturan tingkah laku”. Dina katerangan ngeunaan paribasa henteu disebut ngeunaan hartina anu béda tina harti masing-masing kecap nu ngawangun éta paribasa. Ari ceuk Kamus Umum Bahasa Indonesia susunan Badudu-Zain (1994), peribahasa téh: “kelompok kata atau kalimat yang menyatakan suatu maksud, keadaan seseorang, atau hal yang mengungkapkan kelakuan, perbuatan, atau hal yang mengenai diri orang; peribahasa mencakup ungkapan, pepatah, perumpamaan, ibarat, tamsil.” Ieu gé henteu nyigeung soal hartina anu henteu sarua jeung harti masing-masing kecap anu ngawangun éta ungkara.

Demi pepatah ceuk Kamus Besar Bahasa Indonésia: “n peribahasa yang mengandung nasihat atau ajaran dari orang tua-tua (biasanya dipakai atau diucapkan untuk mematahkan lawan bicara) seperti tong kosong nyaring bunyinya, orang yang tak berilmu banyak bualnya.” Ari dina Kamus Umum susunan Badudu-Zain mah pepatah téh dihartikeunana kieu: “ungkapan yang termasuk dalam peribahasa yaitu bahasa yang mengias, kalimatnya hampir semua implisit”.

Demi ungkapan, ceuk Kamus Besar mah: ”2 gabungan kata yang maknanya tidak sama dengan gabungan makna anggota-anggotanya”. Ari ceuk Kamus Umum Badudu-Zain, ungkapan téh: “2 kata atau frasa yang mengandung arti kiasan seperti menangani pekerjaan, jatuh hati, naik daun, kambing hitam”.

Ari perumpamaan, ibarat jeung tamsil mah anu dina basa Sunda sok disebut misil. Cerita tamsil = dongéng misil.

Kecap ungkapan dina basa Indonésia sok digunakeun pikeun nerjemahkeun kecap idiom dina basa Inggris. Ari idiom ceuk The Compact Oxford English Dictionary of Current English nu disusun ku Catherine Soanes (2002), dihartikeunana: “a group of words whose meaning cannot be deducted from those of individual words (e.g. over the moon). Ari ceuk Cambridge International Dictionary of English (1996), idom teh dihartikeunna: “a group of words in a fixed order having a particular meaning different from the meanings of each word understood on its own”. Katerangan ngeunaan idiom tina éta dua kamus basa Inggris sarua jeung katerangan ngeunaan ungkapan dina dua kamus basa Indonesia téa. Jadi cocog idiom diterjemahkeun jadi ungkapan téh. Ngan naon istilah anu merenah dina basa Sunda? Jigana istilah babasan bisa digunakeun pikeun harti nu sarua jeung idiom (basa Inggris ) atawa ungkapan (basa Indonésia).

Ari paribasa mah dina basa Inggris disebutna proverb. Ceuk Kamus Oxford nu tadi disebut, proverb téh hartina : “saying, adage, saw, maxim, axiom, motto, bon mot, aphorism, apophthegm, e***ram, gnome, dictum, precept, words of wisdom”. Ari dina Kamus Cambridge, dihartikeunana proverb téh: “a short sentence, etc. usually known by many people, stating something commonly experienced or giving advice”.

Tina sakabéh katerangan téa tétéla yén paribasa jeung babasan téh, kekecapan atawa ungkara kalimah anu geus matok tur miboga harti nu sanajan béda tina hartina anu asal geus jadi kaweruh saréréa da geus jadi banda budaya sakumna masarakat anu ngagunakeun éta basa. Eusina aya nu bisa digunakeun pikeun méré naséhat, aya nu dipaké pikeun meupeuh arguméntasi lawan, aya nu ngagambarkeun situasi atawa kayaaan hiji jalma, jeung sajabana. Sanajan harti éta ungkara téh béda jeung harti masing-masing kecap anu ngawangun éta ungkara, tapi nu ngabandunganana moal nepi ka salah harti. Unggal anggota pakumbuhan ti leuleutik geus dibiasakeun ngadéngékeun jeung ngahartikeun maksud paribasa anu jadi kabeungharan basana. Boh paribasa boh babasan basa Sunda, mangrupa kakayaan batin urang Sunda. Geuning urang gé lamun diajar basa deungeun, kudu ngapalkeun idiom jeung paribasa, da duanana jadi kakayaan basa anu mibogana. Lamun henteu terang kana harti babasan jeung paribasana, urang moal bisa ngarti enya kana éta basa téh.

Hanjakal waktu kuring kungsi niténan kurikulum pangajaran basa Sunda keur sakola-sakola, henteu manggihan katerangan yén paribasa jeung babasan téh asup kana bahan anu diajarkeun ka barudak. Nu réa diajarkeun kalah ka undak-usuk basa anu geus henteu ngindung deui ka waktu. Ku lantaran éta henteu anéh lamun réa urang Sunda kiwari anu henteu terangeun kana harti paribasa atawa babasan anu ditujukeun ku nu nyarita ka manéhna.

Bisi kaburu leungit kabéh (da sawaréh mah tangtu geus réa nu laleungitan), ti mimiti nomer ieu, dina Cupumanik baris dimuat sabangsa kamus anu nerangkeun babasan jeung paribasa dina basa Sunda. Perlu disebutkeun yén babasan atawa paribasa anu dimuat téh rék diala tina buku-buku karya sastra Sunda anu utama kayaning karangan-karangan H. Hasan Mustapa, D.K. Ardiwinata, Moh. Ambri, Méméd Sastrahadiprawira, R. Satjadibrata, Ki Umbara, Tjaraka, Ahmad Bakri jllna.***

RAJA-RAJA KARAJAAN SUNDA

Karajaan Sunda, numutkeun naskah Wangsakerta ngarupakeun karajaan nu ngadeg ngaganti Karajaan Tarumanagara nu kabagi dua jeung Karajaan Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa dina Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, taun 591 Caka Sunda

Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):



1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
2. Harisdarma , atawa Sanjaya (incu minantu Tarusbawa, 723 - 732)
3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
4. Rakeyan Banga (739 - 766)
5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
15. Munding Ganawirya (964 - 973)
16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
17. Brajawisésa (989 - 1012)
18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)



SEJARAH TATAR SUNDA

TATAR SUNDA, DANGKALAN SUNDA DAN KERAJAAN SUNDA

TATAR SUNDA


Nama wilayah (tanah, tatar) yang menurut sumber setempat meliputi bagian Barat Pulau Jawa yang mula-mula (sampai akhir abad ke 16) batasnya sebelah Timur adalah Sungai Cimapali (Kali Pemali sekarang), tetapi kemudian batas itu pindah ke sebelah Barat ke sungai Cilosari. Menurut Tome' Pires, orang Portugis, pada tahun 1513, batas sebelah Timur itu ialah Sungai Cimanuk. Tetapi mungkin berdasakan tafsiran atau informasi tentang perbedaan agama yang dianut, yaitu antara agama Hindu (Sunda) dan Agama Islam (Jawa). Bagian terbesar (2/3) Tanah Sunda berupa dataran tinggi dan pegunungan, hanya bagian Utara yang berupa dataran rendah. Pegunungan itu memanjang dari Barat ke Timur.

Tanahnya subur, karena bagian atasnya dilapisi tanah hasil semburan lava gunung berapi. Banyak pula dijumpai sungai yang berkelok-kelok mengalir dari daerah pedalaman (pegunungan) menuju laut, baik di Utara (Laut Jawa), Barat (Selat Sunda) maupun di Selatan (Lautan Hindia). Dalam Geologi (Ilmu Bumi) dikenal nama Dataran Sunda, yaitu dataran pada masa lampau (masa glasial) yang terbentang dari Barat ke Timur antara Lembah Brahmanadapura di Myanmar sekarang hingga Maluku.

Begitu pula dikenal istilah Sunda Besar yang meliputi pulau-pulau: Sumatera, Kalimantan, Pulau Jawa, dan Pulau Madura. Serta Sunda Kecil yang terdiri dari pulau-pulau: Bali, Lombok, Sumbawa, Sumba, Flores, dan Timor (sekarang wilayah Bali, Nusa Tenggara Barat, Nusa Tenggara Timur, dan Timor Timur). Batas sebelah Barat Tatar Sunda berupa laut yang memisahkan Pulau Jawa dengan Pulau Sumatera, yang disebut Selat Sunda. Letak Selat ini sangat strategis sehingga memiliki peranan penting dalam perjalanan sejarah kawasan ini, salah satu jalan yang dilalui route perdagangan laut yang menghubungkan kawasan Nusantara dan Asia Tenggara dengan kawasan Asia Timur, Asia Selatan, dan Asia Barat serta kemudian Eropa sejak awal masa sejarah (abad-abad pertama masehi).

Di selat ini terdapat pulau berupa gunung berapi yang dinamai Rakata atau Krakatau yang terkenal karena sering meletus, terutama letusan yang sangat dahsyat pada Tahun 1883. Di Tanah Sunda terdapat banyak gunung berapi dan salahsatu dari gunung berapi itu ialah Gunung Sunda. Gunung ini terletak di tengah-tengah wilayah ini, yaitu di sebelah Barat Gunung Tangkuban Parahu atau di sebelah Barat Daya kota Bandung.

Secara geologis gunung ini meletus dengan dahsyat sekali pada masa lampau sehingga lava dan tanah terlempar ke sebelah Selatan dan menutup sungai Citarum yang mengakibatkan terbentuknya Danau Bandung. Penduduk di Wilayah Tatar Sunda disebut urang (orang) Sunda. Mereka bersikap baik terhadap kaum pendatang (somea'ah hade' ka se'mah). Secara fisik sulit dibedakan antara Orang Sunda dan Orang Jawa yang sama-sama mendiami Pulau Jawa. Perbedaan yang nampak sebagai penduduk Pulau Jawa, akan tampak jelas ditinjau dari segi kebudayaannya, termasuk bahasanya.

Penamaan Sunda bagi tanah, wilayah dan penduduknya diketahui telah digunakan pada abad ke 18, sebagaimana dibuktikan oleh prasasti Parahajian Sunda yang ditemukan di Bogor. Segala sesuatu yang bertalian dengan Kebudayaan Sunda yang merujuk kepada kebudayaan masa pra Islam (sebelum abad ke -17) disebut Sunda Buhun (Sunda Kuna); tetapi yang intensif digunakan adalah menyangkut bahasa, sastera, dan aksara (Bahasa Sunda Kuna dan Aksara Sunda Kuna).

Sunda juga digunakan pula sebagai nama kerajaan yang diketahui telah ada sejak abad ke-8 hingga runtuhnya pada akhir abad ke -16 (1579). Pada masa jayanya luas wilayah Kerajaan Sunda meliputi seluruh Tatar Sunda. Ibukota kerajaan ini mengalami beberapa kali pindah, antara lain di Galuh (Ciamis) dan Pakuan Pajajaran (Bogor). Berpindah-pindahnya ibukota kerajaan ini dimungkinkan oleh karena masyarakatnya merupakan masyarakat ladang (huma), yaitu bertani dengan menggarap lahan kering yang memang selalu berpindah-pindah lahan garapannya. Sistem pertanian ladang tradisional masih dilakukan hingga sekarang oleh masyarakat Kanekes atau Baduy di Banten Selatan.


DANGKALAN SUNDA

Istilah dalam geologi Indonesia untuk menamai dataran atau paparan Indonesia barat; meliputi Pulau Kalimantan, Pulau Sumatera, dan pulau-pulau serta dasar laut transgresi (laut Jawa, Laut Natuna, di bagian selatan Laut Cina Selatan dan Selat Malaka); sebelum Zaman Pleistosen menjadi satu kesatuan dengan benua Asia.

Batas daerah dangkalan Sunda di sebelah timur yaitu "Garis Wallace" garis yang melintang mulai dari perairan Timur Pulau Mindanau (Filipina) terus ke laut Sulawesi, Selat Makasar, Selat Lombok dan berakhir di Samudera Indonesia. Laut-laut transgresi di wilayah Dangkalan Sunda berkedalaman rata-rata 200 m.


KERAJAAN SUNDA

Kerajaan Sunda di Jawa Barat merupakan salah satu kerajaan yang pernah berperan di Indonesia. Menurut berbagai sumber, kerajaan itu didirikan tahun 669 oleh Maharaja Tarusbaya, dan runtuh pada tahun 1579 oleh serbuan pasukan gabungan Banten dan Cirebon.

Nama Sunda pertama kali muncul dalam prasasti Rakryan Jurupangambat ( 736 ); lalu prasasti Sanghiang Tapak ( 1030 ) yang dikeluarkan oleh Sri Maharaja Jayabhupati. Dari masa yang kira-kira sejaman, nama Sunda tercantum dalam prasasti Horen dari Jawa Timur.

Nama Sunda lebih banyak ditemukan dalam sumber naskah dan tradisi lisan. Hingga saat ini, naskah tertua yang menyebutkan nama Sunda adalah Sanghyang Siksa kandang Karesyan ( 1518 ), kemudian Carita Parahyiangan ( 1580 ). Naskah Sajarah Banten pada abad ke-18 menjadi penting karena dapat digunakan sebagai pangkal untuk melacak masa berakhirnya kekuasaan Kerajaan sunda.

Selain sumber Indonesia, sejumlah sumber lain dapat dijadikan saksi mengenai kehadiran Negara Sunda. Tome' Pires, misalnya, menyebutkan bahwa pada awal abad ke 16 ada negara yang disebutnya regno de cumda; Antonio ***afetta menyebutkan bahwa ada Negara Sunda yang bernama Sunda yang banyak menghasilkan lada; bahwa penyair Luis de Camoes juga menyebutkan negara itu dalam sajaknya yang terkenal Os Lusiada.

Menurut carita Parahyiangan, Rahyang Sanjaya oleh kakeknya disuruh pergi menghadap Tohaan di Sunda (yang Dipertuan di Sunda), dan bahkan kemudian ia menjadi menantu Maharaja Tarusbawa, pendiri Negara Sunda dan perencana pembangunan Ibukota Pakuan Pajajaran.

Setelah Tarusbawa meninggal, Sanjaya menggantikannya sebagai Raja Sunda. Kedudukan yang kemudian diserahkan kepada Rahyang Tamperan, anak dari puteri (cucu) Tarusbawa, karena Sanjaya sendiri menjadi Raja Galuh dan kemudian di Mataram. Kerajaan Sunda terdiri dari negara kembar: Galuh di Timur dan Sunda atau Pajajaran di Barat. Raja yang memerintah kadang-kadang menguasai kedua wilayah itu, atau hanya menguasai satu wilayah saja.

Dalam keadaan demikian, kedua negara mempunyai kedudukan yang sederajat. Hal itu dimungkinkan karena seringnya terjadi kawin-mawin di antara turunan Raja Sunda dan Raja Galuh sehingga pewarisan takhta sangat tergantung kepada pihak mana yang mempunyai anak lelaki. Menurut naskah Pangeran Wangsakerta, tercatat 40 raja yang pernah berkuasa di Kerajaan Sunda. Mulai dari (1) Maharaja Tarusbawa (669-723) hingga (40) Ratu Ranggamulya (1567-1579).

Pada masa pemerintahan Prebu Ajiguna Linggawisesa, sudah mulai terdapat orang yang beragama Islam di Daerah Sunda; yaitu Haji Purwa yang diduga masih kerabat Istana Galuh. Pada masa pemerintahan Prebu Maharaja, terjadi peristiwa Bubat (1357) akibat muslihat Mahapatih Gajahmada.

PRIANGAN


Ceuk Etimologi: priangan teh asal kecap tina pa-rahyang-an atawa para-hyang-an. Rahyang atawa hyang identik jeung dewa; pa- jeung -an, nunjukeun tempat.

Ceuk Geografi: Priangan ayeuna nyaeta wewengkong di Propinsi Jawa Barat nu ngawengku Kab Cianjur, Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya, jeung Ciamis. nu gedena kira-kira sapergenep ti luas wewengkon Pulo Jawa (kurang leuwih 21.524 km persegi).
- Di beulah kaler watesna jeung Karawang, Purwakarta, Subang jeung Indramayu
- Beulah wetan watesna jeung Majalengka, Kuningan, jeung Jawa Tengah diwatesanan ku Citanduy
- Beulah kidul diwatesan ku Samodra Indonesia
- Beulah kulon watesna ku wewengkon Sukabumi jeung Bogor.

Lahan daerah Priangan: dataran rendah, perbukitan, gunung-gunung nu jumlahna kaitung loba, diantarana: G Gede, G Kancana, G Masigit (Cianjur); G Tangkuban Parahu, G BUrangrang, G Malabar, G Bukit Tunggul (Bandung); G Tampomas, G Calancang, G Cakra Buana (Sumedang); G Guntur, G Haruman, G Talagabodas, G Karacak, G Galunggung (Garut);G Cupu, G Cula Badak, G Bongkok (Tasikmalaya); G Syawal (Ciamis). Dilingkung ku gunung, di Priangan kawentar subur sabab loba oge walungan.

Ceuk Sajarah: Daerah Priangan mimitinamah disebut Tatar Ukur diparentah ku Dipati Ukur. Sanggeus karajaan Sunda runtuh (1578/1580), eta wewengkon (iwal ti Galuh) mangrupa wilayah kakuasaan Sumedanglarang (nepi ka 1620). Ti taun 1621, daerah Priangan nu puseurna SUmedang, dipangaruhan ku Mataram. Numutkeun salah sahiji sumber tradisional, ti saprak harita, eta wewengkon disebut Priangan. Akibat tina baruntakna Dipati Ukur ka Mataram, daerah Priangan di luar Sumedang jeung Galuh dibagi deui jadi Kab Bandung, Parakanmuncang jeung Sukapura, dumasar kana Piagem Sultan Agung titimangsa 9 Muharam taun Alip. Ceuk F.de Haan (elmuan Walanda), taun Alip teh sami jeung taun 1641 Masehi., tapi aya sawatara katerangan sejen Taun Alip identik jeung taun 1633 Masehi. Salajengna, dumasar kana 'perjanjian' Mataram jeung Kumpeni (VOC), daerah Priangan kacekel ku Kumpeni nya dibagi dua. Nu kahiji, Priangan kulon jeung tengah (aun 1677); kadua Priangan wetan (taun 1705). Dina mangsa harita, pamarentah Hindia Walanda (1808-1942), status Priangan nyaeta karesidenan, nu munggaran ibukotana di Cianjur, salajengna ibukota karesidenan Priangan pindah ka Bandung (ti taun 1864). Ku asupna Galuh (awal abad ka-20), wilayah Karesidenan Priangan nambahan. Priangan jadi 6 kabupaten; CIanjur, Bandung, SUmedang, Limbangan (Garut), Sukapura (Tasikmalaya), jeung Galuh (Ciamis)




SAJARAH BASA SUNDA


Basa sunda nu aya ayeuna teh mangrupa hasil tina kamekaran sapanjang masa, basa sunda terus robah sangkan bisa ngigelan jaman. Robahna teh salilana luyu jeung robahna kabudayaan sunda, anu nampa rupa rupa pangaruh tina kabudayaan deungeun.
Basa sunda kungsi meunang pangaruh tina budaya jeung agama hindu, budaya jeung agama islam, budaya jawa (mataram) jeung budaya barat, eta pangaruh teh saterusna di olah nurutkeun kapribadian urang sunda dipake geusan mekarkeun kabudayaan sorangan.
Dina gurat badagna galuring sajarah basa sunda teh bisa diringkeskeun kieu :

1. Sajarah basa sunda mangsa I (samemeh taun 1600 masehi)

Nepi ka taun 1600 masehi, basa sunda teh mangrupa basa nagara di karajaan salakanagara, galuh, kawali, sunda jeung pajajaran. Dina ieu mangsa basa sunda kaasupan ku basa sansakerta saperti anu katembong dina prasasti titinngal purnawarman, malah aksarana oge make aksara pallawa
Basa sunda alam harita dipake dina widang kanagaraan, kasenian jeung kahirupan sapopoe, loba kitab suci anu ditulis dina basa sunda sarta ngagunakeun aksara sunda (kuna) saperti siksa kanda ng karesian, carita parahiyangan, darmasiksa jeung guru talapakan. Geura titenan basa sunda nu dipake alam harita, boh nu aya dina prasasti boh nu aya dina karya sastrana :
Prasasti ciaruteun, titinggal purnawarman
“Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam”
hartina : ieu (tapak) dua sampean airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan
Prasasti Pasirmuara, cibungbulang titinggal karajaan sunda
“ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda”
hartina : ieu teh ucapan rekeyan juru pengambat dina taun saka 458 nu netelakeun yen pamarentahan daerah dipulihkeun ku raja sunda
Prasasti Astana Gede titinggal karajaan sunda di kawali
“nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul”
hartina : ieu nu tapa di kawali teh nyaeta tapana nu mulya lir dewa. Gusti nu bagja, raja wastu nu ngereh di kota kawali, nu parantos mapaes karaton surawisesa nu ngadamel kakalen sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayuna aya nu kersa midamel kasaean sangkan punjul sajagat.

2. Sajarah basa sunda mangsa II (1600-1800 masehi)

Basa sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa arab jeung basa jawa, basa arab asupna kana basa sunda teh ngaliwatan pasantren, ari basa jawa asupna kana basa sunda teh ngaliwatan padaleman (pamarentahan). Harita di tatar sunda geus jlug jleg pasantren, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantren di urang teh kungsi masantren di wetan jadi salian ngasupkeun basa arab kana basa sunda pasantren oge milu ngasupkeun basa jawa deuih nya diantarana ngaliwatan pasantren deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana teh. Kitu deui widang pamarentahan, harita tatar sunda ka ereh ku mataram, para gegeden sunda (dalem) sataun sakali kudu seba ka dayeuh mataram, tara sakeudeung sakeudeung didituna teh, balikna maw adat cara kadaleman jawa, nya mangsa harita mimiti asupna undak usuk basa kana basa sunda teh nu mangrupa pangaruh tina basa jawa (contono dina naskah wawacan sulanjana).

3. Sajarah basa sunda mangsa III (1800-1900 masehi)

Dina ieu mangsa, basa sunda mimiti kaasupan ku basa walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawe walanda, memang harita mah wewengkon sunda teh geus aya dina genggeman pamarentah hindia walanda, nya harita medalna buku basa sunda anu ditulis ku aksara laten teh basa sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa walanda, salian ti eta basa sunda oge mimiti kaasupan basa malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang sunda kudu ngagunakeun basa malayu minangka lingu –francana (contona aya dina wawacan panji wulung 1876).

4. Sajarah basa sunda mangsa IV (1900-1945)

Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki rea, basa sunda terus digunakeun sarta diajarkeun disakola-sakola para panalungtik basa sunda beuki loba deuih boh bangsa deungeun boh urang sundana sorangan, beuki tembong bae pangaruh basa walanda kana basa sunda teh nepi ka harita mah teu saeutik urang sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa walanda, utamana kaom palajar, basa sunda pacampur jeung basa arab, jawa, malayu jeung walanda dipake dina widang atikan jeung kabudayaan pikeun nuliskeunana geus prah make aksara laten. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa dina basa sunda saperti papaes nonoman (1915), pasoendan (1917), poesaka soenda (1923) jeung sipatahoenan (1923).

5. Sajarah basa sunda mangsa V (1945-kiwari)

Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut oge mangsa sabada perang, basa sunda dipake dina kahirupan sapopoe, pustakamangsa, kabudayaan jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa sunda loba kapangaruhanana ku basa indonesia, dina istilah-istilah basa kosta memeh asup kana basa sunda teh umumna ngaliwatan heula basa indonesia, utamana nu dipake ku masarakat kota, nepi ka aya istilah sunda kamalayon geuning, nyaeta basa sunda anu kapangaruhan ku basa malayu (indonesia).
Ceuk inohong sunda jeung para ahli, basa sunda nu ayeuna pasti bakal robah dimangsa jaga, nu ngarobahna tangtuna oge urang sunda keneh, robahna basa sunda nu ngindung ka waktu ngabapa ka kajaman teh moal matak lewang ngawariskeunana ka turunan urang engkena asal robahna eta basa teh tetep aya dina pangriksa jeung pangraksa LBSS.

PRABU SILIWANGI


SAHA JEUNG KUMAHA ARI PRABU SILIWANGI ?

Prabu Siliwangi teh raja anu adil, pinter, wijaksana, jujur jeung kagungan dangiang atawa komara. Sipat sipat ieu pasti aya dianjeunna, sabab, lamun teu kitu pamohalan bisa mimpin karajaan anu rakyatna raharja lahir jeung batin. Bisa jadi bae hiji raja ngabogaan sipat pinter ngolah nagara, tapi teu dibarengan jujur jeung adil da moal matak raharja lahir batin ka rakyatna. Paling-paling ukur mere kamakmuran materi. Sipat sipat adil, pinter, wijaksana, kagungan dangiang jeung komara, mangrupa sipat sipat luhung anu aya di jelema, mangrupa kekecretan tina tina sipat sipat Allah anu mulya. Hartina, moal aya jalma anu ngabogaan sipat mulya kitu lamun lain meunang kekecretan tina sabagean sipat Allah Anu Maha Mulya. Jeun moal aya jalma meunang kekecretan sipat mulya lamun lain jalma anu dimulyakeun ku Allah SWT. Sedeng jalma anu dimulyakeun ku Allah teh jalma anu yakin jeung taat ka MantenNa. Cek agama Islam mah, jalma anu takwa. Kasimpulanana, Prabu Siliwangi teh jalma, raja anu yakin jeung taat ka Allah sarta masrahkeun jiwana ka Anu Maha Tunggal tur Maha Kawasa. Cek agama Islam mah jalma jeun raja anu tauhid.

Muncul pananya, naha bisa Prabu Siliwangi kaasup jalma tauhid padahal henteu kungsi ngagem agama Islam ? Samemeh Kangjeng Nabi Muhammad saw digelarkeun nyebarkeun agama Islam, geus loba pisan jalma-jalma anu kaasup jalma tauhid. Anu pasti bae para Nabi saheulaeun anjeuna. Malah nembrak pisan ku al Quran para Nabi samemeh Nabi Muhammad disebat muslimin, jalma-jalma anu ngagem agama Islam, anu yakin yen Allah teh aya tur Tunggal, terus taat sarta masrahkeun jiwa-ragana ka MantenNa. Sanajan ngaran agama jeung sareatna beda-beda tapi sakabehna disebut Islam lantaran ngandung unsur percaya, taat jeung masrahkeun jiwa-raga ka Anu Tunggal, saperti anu diajarkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim as. Sakabeh agama anu sawarna jeung sajalan jeung agama Nabi Ibrahim disebut agama anu lempeng, cikal-bakalna sagala agama langit, kaasup agama Islam anu dicandak ku Nabi Muhammad saw.
Agama Sunda, anu wallahu alam saha nabina ( tapi pasti aya lantaran seueur Nabi di luar anu 25 anu dikenal ku manusa jeung nabi eta pasti kaasup anu disebut muslim ku Quran ), anu geus nyampak samemeh aya Islam candak Nabi Muhammad saw, agama anu monoteistis, nyembah Dzat Anu Tunggal tur Maha Kawasa, kaasup kana golongan agama anu dicandak Nabi Ibrahim, agama anu hanif atawa agama anu lempeng identik jeung Islam.

Jalma anu taat kana agama langit, kaasup agama Sunda, ngandung harti jalma anu percaya jeung taat ka Allah SWT. Sedeng pikeun jalma anu taat ka Allah SWT aya jangji Allah anu diembarkeun ku Nabi Muhammad saw dina salah sahiji hadits Qudsyi :
"Hey abdi-abdi KAMI, pek geura taat ka KAMI. KAMI jangji baris maparin sabagian tina sipat-sipat KAMI. Jeung lamun maraneh aya kahayang, cukup sebutkeun kun fayaa kun." Prabu Siliwangi ngagem agama Sunda pasti kalawan kafah, paham kana lahiriahna katut batiniahna. Lamun hentu kitu mustahil kagolongkeun ka anu dimulyakeun ku Allah. Jadi asup akal pisan lamun Prabu Siliwangi, sabagi Raja anu taat ka Allah dipaparinan kekecretan tina sipat-sipat Allah anu nyukupan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, nyaeta adil, pinter, wijak sarta kagungan dangiang. Jalma badag pantaran Prabu Siliwangi biasa pisan ngajarkeun elmu jeung falsafah hirupna ka balarea. Aya anu ku cara nembrak, aya anu disilokakeun. Sabagaean gede ajaran Prabu Siliwangi disilokakeun. Anu pangutamana, minangka anu jadi babonna disilokakeun dina pakarang Sunda, Kujang. Sesana, anu aya ratusna, pating rarengkol dina paribasa-paribasa Sunda.

Tina Kujang anu dua pangadekna anu nyilokakeun dua rupa elmu mangrupa pakarang hirup, urang bias terang yen Prabu Siliwangi kagungan falsafat yen hirup teh lumangsung di dua alam. Lantaran kitu manusa kudu ngabogaan dua pakarang anu sawadina manunggal dina hiji diri manusa, nyaeta elmu kadunyaan pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung elmu kaaheratan pikeun meunangkeun kabagjaan aherat. Bisa oge disebut pikeun meunangkeun karaharjaan lahir jeung batin. Luyu pisan jeung udagan ajaran agama Islam anu dicandak ku Nabi Muhammad saw anu kasohor disebut kasaean dunya jeung kasaean aherat. Lamun urang nengetan paribasa-paribasa Sunda baris karasa pisan yen sabagean gede ngandung falsafat-falsafat anu Islami. Sabab kitu ajenna bisa dimangpaatkeun saban jaman. Contona, herang caina beunang laukna, ngajar ati-ati dina digawe, bati-bati hasil maksud oge ulah bari ngaruksak lingkungan atawa ngarugikeun nu lian, hartina kudu wijaksana. Atawa, ulah kurung batok. Maksudna kudu daek ngalegaan wawasan jeung kanyaho, lamun perlu kaluar ti lembur sorangan. Naon bedana ajaran ieu jeung `uthlubul `ilma wa lao bisysyin geura teangan elmu sanajan ka nagri Cina. Nya jauh, katurug-turug waktu hadits eta disaurkeun Cina the tacan kaasupan Islam. Aya paribasa Sunda anu ayeuna sering pisan dicutat dina pidato atawa tulisan, malah sering disebut puncakna falsafat Sunda anu unina silih asih, silih asuh, silih asah, anu hartina silih pikanyaah kalayan lillahi ta'ala, silih ayunkeun atawa silih salametkeun jeung silih simbeuh ku pangarti. Lamunn ku urang ditengetan kalawan leleb, dirarasakeun kalawan anteb, da moal henteu, pasti tepi kana kasimpulan naon bedana ajaran anu aya dijerona teh jeung ajaran Islam rahmatan lil `aalamiin, mawa kahadean, kasalametan jeung rahmat kasakuliah alam. Loba urang Sunda anu reueus ku rarasaan Sunda teh Islam. Islam teh Sunda. Teu salah-salah teuing da puguh samemeh Islam datang oge Sunda mah geus Islam.

Tina katerangan di luhur anu sanajan samporet muga-muga urang henteu kaliru lamun nyindekkeun jadi diri Prabu Siliwangi jeung jatidiri Sunda jaman harita. Jatidiri Prabu Siliwangi teh, nyakitu deui jatidiri sabagean gede rakyat Sunda harita, Taat ka Allah, ngawasa dua rupa elmu, nyebarkeun kahadean jeung kasalametan ka mana-mana. Sunda jaman ayeuna oge lamun hayang luhur martabatna kudu ngabogaan jatidiri kitu. Teu bisa henteu, urang Sunda anu ngabogaan jatidiri kitu, ku basa buhun mah mun anu ngarora disebut pandita sinatria. Cek basa Sunda pawayangan lalaki langit lalanang jagat. Cek basa Sunda modern, patriot-patriot anu religius. Pertanyaan Kumaha Ari Ki Sunda ? jawabna : Ki Sunda baheulla teh satria pinandita jeung pinandita sinatria. Sunda jaman ayeuna kudu jaradi lalaki langit lalanang jagat.


SAHA ARI SEKE SELER KI SUNDA ?

Lamun urang nyebut Sunda, anu dimaksud bangsa Sunda umumna. Tapi lamun geus nyebut Ki Sunda, anu dimaksud leuwih ngariut, khusus urang Sunda anu istimewa, anu ngabogaan sipat khusus, anu pantesna ngabogaan jati diri Sunda. Jadi lamun ditanya saha seke seler KiSunda, maksudna urang Sunda anu ngabogaan jatidiri urang Sunda baheula, nyaeta para satria pinandita atawa pinandita sinatria atawa lalaki lalanang jagat tea. Ssaha eta teh ? Sateuacan ngahiang Prabu Siliwangi kantos ngariungkeun baladna sarta ngembarkeun yen lalakon Pajajaran ngan tepi ka poe harita. Kulantaran anjeunna teue kersaeun nyandak rakyat balangsak, anjeunna maparin opat pilihan. Masing-masing bebas milih nurutkeun kahayangna.


- Pilihan kahiji, anu rek tetep satia ka anjeunna supaya misah di beulah kidul.
- Pilihan kadua, anu rek baralik deui ka nagara anu arek ditinggalkeun supaya ngariung di beulah kaler.
- Pilihan katilu, anu rek kumawula ka anu keur jaya, supaya ngumpul dibeulah wetan.
- Pilihan kaopat, anu moal milu ka saha-saha supaya ngumpul di beulah kulon.

Anu milih kadua, katilu jeung kaopat ku anjeunna ditorah. Saurna, anu nyokot pilihan kadua, anu ngumpul di beulah kaler, bakal jaradi somah. Lamun aya oge anu luhur pangkat moal boga kakawasaan. Bakal kaseundeuhan ku batur anu sarusah jeung anu nyusahkeun. Golongan ieu, kitu ge anu hade laku lampahna tur butuheun, sawaktu-waktu baris dilanglang ku anjeunna dibantuan ngungkulan kasusahna.
Anu nyokot pilihan katilu, anu misahkeun maneh di beulah wetan, saur anjeunna, bakal milu jaya jeung anu kawasa, bakal marentah dulur sorangan jeung ka batur jeung bakal kamalinaan. Antukna bakal narima wawalesna.
Sedeng anu milih anu kaopat, anu ngariung di beulah kulon, anu moal milu kasasaha, diparentahkeun sangkan jaradi ahli sajarah, nyukcruk galur mapay laratan urang Sunda nyingraykeun tapak-lacak Ki Santang, terus jadi juru geuing ka batur salembur, dulur sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu milih tetep satia ka anjeunna mah henteu disabit-sabit.

Nilik kana sipat pilihan jeung ramalan anjeunna, sigana anu milih kawetan mah, anu rek biluk ka anu kawasa moal bisa disebut Ki Sunda da sidik geun ninggalkeun jati diri Sunda. Anu milih ka beulah kaler najan masih bisa disebut seke seler Sunda, tapi kaasup golongan anu lemah an henteu boga kakawasaan, anu baris sarusah hirupna. Kaayaanana jauh tina implengan ajeunna, tepi ka perlu dilanglang ku kanyaah anjeunna jeung baris dibantuan. Kitu ge ukur anu hade laku lampahna. Anu milih ka lebah kulon, diparentahkeun jeung diramalkeun bakal jadi kaum terpelajar urang Sunda, khususna dipentes jadi ahli
sajarah kasundaan anu boga kawajiban ngelingan dulur jeung batur batur salembur jeung batur anu kungsi sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu dina hatena aya rasa hormat, reueus, nineung jeung nyaah ka anjeunna, aya keneh kadaek najan bari hese beleke ngajalankeun ajaranana. Golongan ieu jeung turunanana bisa
disebut seke-seler Ki Sunda.

Nu milih tetep ssatia mah, anu misahkeun maneh di beulah kidul, henteu disabit-sabit. Tapi ku urang bisa kabaca yen satiana teh lahir batin tanpa pamrih. Teu keueung ku kabalangsakan anu digambarkeun ku anjeunna. Jumlahna pasti saeutik pisan dibandingkeun jeung anu sejenna. Malah dijumlahkeun jeung anu milih ka kulon oge tetep jauh leuwih saeutik batan anu kakaler jeung ka wetan dihijikeun. Jumlah anu saeutik, tur bisa dianggap ngawakilan balarea, jaman ayeuna mah disebut kaum elit. Jadi. Ki Sunda teh elitna urang Sunda. Seke seler Ki Sunda elitna urang Sunda kiwari anu kudu ngabogaab jatidir Sunda seperti anu dicontoan tur diajarkeun ku Prabu Siliwangi : satria pinandita, pandita sinatria atawa lalaki langit lalanang jagat . Lamun para elit Sunda ngabogaan jatidir ieu, teu mustahil Sunda geus luhung martabatna ti beh ditu keneh, moal kokosodan bari rumahuh kawas ayeuna.

Dina SUNDA TEH SAHAA

saban pasamoan para inohong Sunda anu alhamdulillah geus rada mindeng diayakeun, meh salawasna muncul pertanyaan, saha jeung kumaha sabenerna Ki Sunda anu baheula pikareueuseun, anu ayeuna saperti taya anu wawuh deui ka inyana. Dalah urang Sunda sorangan.

Para pejuang Sunda anu hayang ngaronjatkeun martabat Ki Sunda, teu eureun-eureun tumanya, kumaha saenyana sifat urang Sunda anu mere pulas kana perjuanganana ? Naha kudu sarua jeung suku-bangsa sejen anu ngeusian Indonesia ayeuna ? Lamun kitu naon untungna da batur ge geuning teu leuwih hade batan urang Sunda, komo diukur ku udunanana kana kajayaan Indonesia mah. Sabalikna lamun kudu beda, palebah mana kudu leuwih punjulna, kapan cenah, urang Sunda teh boga kaleuwihan anu beda ti anu sejen.

Malah dina hiji pasamoan kungsi aya inohong anom anu nyarita kieu : “ Wakca bae, sim kuring mah enya ge urang Sunda kakara ayeuna engeuh jeung aya kahayang milu ngaronjatkeun martabat Sunda teh. Tapi teu terang kumaha prakna Maksudna, naon jeung kumaha falsafat Sunda anu kudu jadi rohna perjuangan Sunda, boh dina widang politik, ekonomi, sosial jeung budaya, da ari tanpa ta mah, perjuangan the bakal hapa. Kapan hebatna perjuanga hiji bangsa teh sabagean gede gumantung kana sakumaha kuatna kayakinan jeung kataatan bangsa eta kana falsafatna. Tah falsafat eta anu kuring tacan terang tepi ka kiwari tea, sanajan ari sacara naluriah mah kareueus jadi Sunda teh tos nyampak.”

Bawirasa, inohong anom anu kitu teh sigana henteu nyorangan. Bisa jadi aya jutana. Anu kitu, penting pisan dijawab.
Tulisan ieu, sacara sederhana pisan seja nyoba nyoba ngajawab pertanyaan : Saha jeung kumaha ari Ki Sunda ?
Muga-muga aya pupurieunana.


SAHA ARI KI SUNDA ?

Moal salah deui anu disebut urang Sunda teh suku bangsa asli pangeusi tatar Sunda anu umurna geus rebuan taun, anu geus ngalaman rupa-rupa parobahan, naek turun nurutkeun kabudayaan jeung filosofi hirupna.

Dina waktu ieu, jumlah urang Sunda geus meh 40 juta urang, nomer dua panglobana di Indonesia

Anu pon tanahna, ku para ahli sadunya katotol tanah endah tur subur ma’mur, beunghar ku rupa-rupa kakayaan alam, kasebut tanah pangbeungharna jeung pangendahna saalam Indonesia. Malah aya anu yakin pengendahna jeung pangbeungharna saalam dunya. Subhanallah!!!

Kanyataanana, urang Sunda teh hiji kaum anu jumlahna loba pisan, leubih loba batan rakyat sababaraha nagara sejen boh Eropa boh di Asia. Tatarna, kasohor subur, beunghar jeung endah. Cek paribasana, iteuk ditanclebkeun pasti akaran. Ngali tanah dimana bae, baris manggihan barang mangpaat keur kahirupan, ka mana bae tetenjoan di kencar taya anu katembong jaba ti kaendahan. Cindekna, Sunda teh loba jumlahna, endah jeung beunghar tatarna.

Lobana suku Sunda, beungharna tatar Sunda lain jadi ku maneh. Tapi istuning ngahaja diciptakeun ku Allah SWT. Mungguhing dadamelan Allah tea taya anu kabeneran, sagala ge dihaja dicipta ku AnjeunNa, bari pasti mawa maksud jeung mangpaat. Nya kitu deui urang Sunda jeung tanahna, diciptakeun kalawan aya maksud khsus anu kudu kapanggih ku urang Sunda sorangan. Nyakitu deui mangpaatna memeh ku sasaha the kudu karasa ku urang Sunda heula.

Bangsa Sunda diciptakeun loba jeung beunghar. Teu beda ti hiji manusa biasa anu diciptakeun ku Allah pinter jeung beunghar, urang Sunda oge kudu jadi bangsa anu pinter, rancage, kakayaanana kudu mawa darajat jeung martabat anu mulya ka dirina sorangan, jembarna kudu mawa mangpaat jeung kahadean ka sakurilingeunana, jeung akhirna kudu wanoh ka anu Nyiptakeunana. Jadi, lamun ditanya saha ari Sunda, jawabna : sukubangsa anu mimiti pisan ngeusian tatar Sunda, anu diisaratan tur dibekelan ku Anu Nyiptakeunana kudu jeung bisa jadi sukubangsa anu rancage hatena, beunghar dunyana, nyongcolang martabatna jeung mere loba mangpaat ka sasama banga Indonesia khususna ka bangsa sadunya umumna.


KUMAHA ARI KI SUNDA ?

Nanya kitu hakekatna nanyakeun kumaha ari jatidiri urang Sunda ? Atawa kumaha ari sipat utama urang Sunda, atawa kumaha ari karekteristik urang Sunda umumna anu nangtukeun pulas jeung wanda diriina. Tepi ka kiwari, anu rek ngajawab pertanyaan ieu sok ngaralieuk kana paribasa jeung ungkara Sunda, terus ngayakinkeun yen eta pisaIndonesia

Atawa tukuh kana piwuruk teu langkung anu dibendo tepi ka tara boga kahayang sorangan, atawa dina zaman sagala kudu ku duit jeung loba panipuan masih keneh bae nganggap mulya lamu boga sikep ulah pupulur memeh mantun. Malah teu euleum-euleum aya anu boga pamadegan kieu, eta paribasa herang caina beunang laukna geus teu pantes dikeukeuweuk dina jaman ayeuna mah. Kiwari mah leuwih merenah tur leuwih produktif lamun boga sikep keduk bae balongna kadek laukna. Jeung masih keneh loba deui. Cindekna mah, loba pamanggih anu ngajak urang ninggalkeun atawa ngarobah harti paribasa jeung ungkara basa Sunda lantaran dianggap geus lain jamana deui.

Ngajawab pertanyaan kumaha ari jatidiri Sunda kiwari ku cara kitu ngandung rupa-rupa kasalahan bari teu aya benerna hiji-hiji acan. Kahiji, lamun sakabeh paribasa dipake ciri jatidiri, meureun urang Sunda teh rimbil ku rupa-rupa jatidiri. Komo lamun anu dipake teh paribasa saperti kumeok memeh dipacok, rimbilna the ku anu garoreng wungkul. Sedeng lamun urang nyarita perkara jatidiri, maksudna sipat atawa karakter anu utama ti bangsa eta anu punjulna. Lamun jalma atawa hiji bangsa rimbil ku jatidiri, hakekatna sarua jeung teu boga jatidiri.

Kadua, paribasa sagala bangsa ngagambarkeun filsafat bangsa eta waktu paribasa eta diciptakeun. Aya anu langgeng sipatna, oge aya pikeun sawatara waktu bae, gumantung kumaha nilai-nilai anu dikandung ku filsafat eta. Jadi lamun urang rek nangtukeun jatidir Sunda ku salah sahiji paribasa nu saenyana mahi keur sagala jaman tapi disangka geus teu meujeuhna deui dina jaman kiwari, pasti urang salah. Saperti, herang caina beunang laukna, eta teh paribasa nu ngajar digawe ati-ati, lantip, bijaksana, hentu ngaruksak lingkungan. Cindekna mah, salawasna nincak dina jalan anu bener. Ari nurutkeun basa agama kapan kawijaksanaan atawa jalan anu bener teh, enas-enasna mah shirothol mustaqim. Kumaha filsafat kitu bias rek disebut teu mahi keur sagala jaman ? Atawa, ulah pupulur memeh mantun. Ku filsafat ieu urang Sunda dipentes ulah sok ngabiasakeun ngaheulakeun hak memmeh kawajiban, sabab eta teh henteu hade. Bukti anu nembresna mah kaayaan kiwari. Ruksakna nagara teh lantaran loba teuing urang Indonesia, pangpangna kalangan elitna anu sok resep ngaheulakeun hak batan kawajiban. Nyakitu deui bongkok ngaronyok bengkung ngariung, dihartikeun teu aya alusna ngumbara ninggalkeun lembur. Leuwih hade ngariung jeung dulur dina kaayaan kumaha bae oge. Padahal harti anu sabenerna tacan tangtu kitu lamun urang eungeuh aya paribasa ulah kurung batok, anu hartina patonggong-tonggong pisan jeung anu ti heula. Terus, tina tara ngumbara dipastikeun yen urang Sunda henteu mandiri. Jauh pisan tina bener sabab mandiri mah lain ditangtukeun ku resep jeung teu resep ngumbara. Mandiri mah sikep mental anu timbul lantaran aya kapercayaan anu kuat ka anu aya dina diri. Bisa kabeungharan, bias elmu, bias lantaran boga dulur anu bias dijieun gunung pananggeuhan, bias oge, jeung ieu pang alusna, lantaran aya kayakinan ka Allah SWT. Jaba ti eta kumaha rek disebut urang Sunda teu resep ngumbara padahal di mana-mana moal susah-susah teuing manggihan urang Garut, urang Tasik, urang Ciamis, urang Sumedang anu geus aya taunna ngumbara bari marawa kaahlian khas daerahna.

Katilu, paribasa Sunda ( kaasup paribasa deungeun ) bisa henteu ngagambarkeun jatidiri jaman kiwari. Tapi ngagambarkeun jatidiri karuhun anu nyieunna. Jatidiri Sunda kiwari moal bisa kagambarkeun ku pating rarengkolna paribasa Sunda ayeuna anu aya di mana-mana, tapi ku falsafat naon anu dipake padoman hirup. Jadi jatidiri Sunda kiwari ditangtukeun ku falsafat naon anu dipake padoman hirup ku urang Sunda kiwari. Lamun urang hayang terang jatidiri Sunda ayeuna, baca, tengetan, lenyepan masarakat Sunda ayeuna umumna. Lamun nyugemakeun, jatidirina pikareueuseun. Lamun ngerakeun, hartina jatidirina oge ngerakeun. Nilik kana paribasa-paribasa Sunda anu umumna islami, hartina ngabogaan nilai-nilai anu langgeng, kuring yakin pisan kaayaan Sunda ayeuna anu henteu matak reueus teh lantaran urang Sunda geus lila teuing ninggalkeun falsafat adiluhung anu dikandung ku paribasa-paribasana. Sama sakali lain kulantaran pageuh teuing ngeukeuweuk paribasa-paribasa titinggal karuhun. Kulantaran jatidiri Sunda teh bisa turun naek bareng jeung turun naekna kaayaan bangsa Sunda dina hiji waktu, tangtu bae pikeun urang leuwih utama lamun urang wawuh jeung jatidiri Sunda pangunggulna, hartina jatidiri Sunda anu kungsi nganteurkeun urang Sunda kana kajayaan anu pangnyongcolangna dina sajarahna. Nurutkeun sajarah, bangsa Sunda kungsi ngalaman puncak kajayaan waktu dirajaan ku Prabu Siliwangi anu kamashur. Dina waktu eta, dina wangunan nagara karajaan Pajajaran, masarakat Sunda kungsi ngahontal kajayaan anu pangpuncakna. Hartina rakyatna raharja lahir jeung batin. Dina lahir jeung batin anu raharja sagala rupa kahadean tumuwuh kalawan subur. Cindekna, di nagara anu rakyatna bias ngarasakeun nikmatna raharja lahir batin, sagala urusan poleksosbud oge milu jaya. Kaayaan kieu kungsi kappanggih ku rakyat Sunda, dina jaman Karajaan Pajajaran, dirajaan ku Prabu Siliwangi anu kamashur tea.

Bangsa Sunda bisa tepi kana martabat kitu lantaran jatidirina ngajak jeung nganteur ka dinya. Jatidirina nyumponan bisa ngajadikeun Sunda kitu. Sedeng jatidiri hiji bangsa, lamun lain identik oge pasti dipangaruhan ku jatidiri anu jadi pamingpinna, anu jadi rajana. Lantaran kitu lamun urang hayang terang jatidiri Sunda harita urang kudu maluruh jeung nangtukeun jatidiri Prabu Siliwangi heula. direbut batur. Atawa teu mandiri cenah lantaran pageuh teuing nyekel papatah kolot bongkok ngaroyok bengkung ngariung anu nyababkeun urang Sunda tara daek ngumbara.
sabada suku bangsa Jawa. jati diri Sunda teh. Upamana, Diana kayaan frustasi loba inohong Sunda boga pamanggih pajah urang Sunda mah sok kumeok memeh macok, teu bias diandelkeun dina diadu, nu matak sagala anu alus jeung anu ngeunah anu aya di

 

© blogger beta templates | Webtalks