Senin, 03 September 2007

Dina SUNDA TEH SAHAA

saban pasamoan para inohong Sunda anu alhamdulillah geus rada mindeng diayakeun, meh salawasna muncul pertanyaan, saha jeung kumaha sabenerna Ki Sunda anu baheula pikareueuseun, anu ayeuna saperti taya anu wawuh deui ka inyana. Dalah urang Sunda sorangan.

Para pejuang Sunda anu hayang ngaronjatkeun martabat Ki Sunda, teu eureun-eureun tumanya, kumaha saenyana sifat urang Sunda anu mere pulas kana perjuanganana ? Naha kudu sarua jeung suku-bangsa sejen anu ngeusian Indonesia ayeuna ? Lamun kitu naon untungna da batur ge geuning teu leuwih hade batan urang Sunda, komo diukur ku udunanana kana kajayaan Indonesia mah. Sabalikna lamun kudu beda, palebah mana kudu leuwih punjulna, kapan cenah, urang Sunda teh boga kaleuwihan anu beda ti anu sejen.

Malah dina hiji pasamoan kungsi aya inohong anom anu nyarita kieu : “ Wakca bae, sim kuring mah enya ge urang Sunda kakara ayeuna engeuh jeung aya kahayang milu ngaronjatkeun martabat Sunda teh. Tapi teu terang kumaha prakna Maksudna, naon jeung kumaha falsafat Sunda anu kudu jadi rohna perjuangan Sunda, boh dina widang politik, ekonomi, sosial jeung budaya, da ari tanpa ta mah, perjuangan the bakal hapa. Kapan hebatna perjuanga hiji bangsa teh sabagean gede gumantung kana sakumaha kuatna kayakinan jeung kataatan bangsa eta kana falsafatna. Tah falsafat eta anu kuring tacan terang tepi ka kiwari tea, sanajan ari sacara naluriah mah kareueus jadi Sunda teh tos nyampak.”

Bawirasa, inohong anom anu kitu teh sigana henteu nyorangan. Bisa jadi aya jutana. Anu kitu, penting pisan dijawab.
Tulisan ieu, sacara sederhana pisan seja nyoba nyoba ngajawab pertanyaan : Saha jeung kumaha ari Ki Sunda ?
Muga-muga aya pupurieunana.


SAHA ARI KI SUNDA ?

Moal salah deui anu disebut urang Sunda teh suku bangsa asli pangeusi tatar Sunda anu umurna geus rebuan taun, anu geus ngalaman rupa-rupa parobahan, naek turun nurutkeun kabudayaan jeung filosofi hirupna.

Dina waktu ieu, jumlah urang Sunda geus meh 40 juta urang, nomer dua panglobana di Indonesia

Anu pon tanahna, ku para ahli sadunya katotol tanah endah tur subur ma’mur, beunghar ku rupa-rupa kakayaan alam, kasebut tanah pangbeungharna jeung pangendahna saalam Indonesia. Malah aya anu yakin pengendahna jeung pangbeungharna saalam dunya. Subhanallah!!!

Kanyataanana, urang Sunda teh hiji kaum anu jumlahna loba pisan, leubih loba batan rakyat sababaraha nagara sejen boh Eropa boh di Asia. Tatarna, kasohor subur, beunghar jeung endah. Cek paribasana, iteuk ditanclebkeun pasti akaran. Ngali tanah dimana bae, baris manggihan barang mangpaat keur kahirupan, ka mana bae tetenjoan di kencar taya anu katembong jaba ti kaendahan. Cindekna, Sunda teh loba jumlahna, endah jeung beunghar tatarna.

Lobana suku Sunda, beungharna tatar Sunda lain jadi ku maneh. Tapi istuning ngahaja diciptakeun ku Allah SWT. Mungguhing dadamelan Allah tea taya anu kabeneran, sagala ge dihaja dicipta ku AnjeunNa, bari pasti mawa maksud jeung mangpaat. Nya kitu deui urang Sunda jeung tanahna, diciptakeun kalawan aya maksud khsus anu kudu kapanggih ku urang Sunda sorangan. Nyakitu deui mangpaatna memeh ku sasaha the kudu karasa ku urang Sunda heula.

Bangsa Sunda diciptakeun loba jeung beunghar. Teu beda ti hiji manusa biasa anu diciptakeun ku Allah pinter jeung beunghar, urang Sunda oge kudu jadi bangsa anu pinter, rancage, kakayaanana kudu mawa darajat jeung martabat anu mulya ka dirina sorangan, jembarna kudu mawa mangpaat jeung kahadean ka sakurilingeunana, jeung akhirna kudu wanoh ka anu Nyiptakeunana. Jadi, lamun ditanya saha ari Sunda, jawabna : sukubangsa anu mimiti pisan ngeusian tatar Sunda, anu diisaratan tur dibekelan ku Anu Nyiptakeunana kudu jeung bisa jadi sukubangsa anu rancage hatena, beunghar dunyana, nyongcolang martabatna jeung mere loba mangpaat ka sasama banga Indonesia khususna ka bangsa sadunya umumna.


KUMAHA ARI KI SUNDA ?

Nanya kitu hakekatna nanyakeun kumaha ari jatidiri urang Sunda ? Atawa kumaha ari sipat utama urang Sunda, atawa kumaha ari karekteristik urang Sunda umumna anu nangtukeun pulas jeung wanda diriina. Tepi ka kiwari, anu rek ngajawab pertanyaan ieu sok ngaralieuk kana paribasa jeung ungkara Sunda, terus ngayakinkeun yen eta pisaIndonesia

Atawa tukuh kana piwuruk teu langkung anu dibendo tepi ka tara boga kahayang sorangan, atawa dina zaman sagala kudu ku duit jeung loba panipuan masih keneh bae nganggap mulya lamu boga sikep ulah pupulur memeh mantun. Malah teu euleum-euleum aya anu boga pamadegan kieu, eta paribasa herang caina beunang laukna geus teu pantes dikeukeuweuk dina jaman ayeuna mah. Kiwari mah leuwih merenah tur leuwih produktif lamun boga sikep keduk bae balongna kadek laukna. Jeung masih keneh loba deui. Cindekna mah, loba pamanggih anu ngajak urang ninggalkeun atawa ngarobah harti paribasa jeung ungkara basa Sunda lantaran dianggap geus lain jamana deui.

Ngajawab pertanyaan kumaha ari jatidiri Sunda kiwari ku cara kitu ngandung rupa-rupa kasalahan bari teu aya benerna hiji-hiji acan. Kahiji, lamun sakabeh paribasa dipake ciri jatidiri, meureun urang Sunda teh rimbil ku rupa-rupa jatidiri. Komo lamun anu dipake teh paribasa saperti kumeok memeh dipacok, rimbilna the ku anu garoreng wungkul. Sedeng lamun urang nyarita perkara jatidiri, maksudna sipat atawa karakter anu utama ti bangsa eta anu punjulna. Lamun jalma atawa hiji bangsa rimbil ku jatidiri, hakekatna sarua jeung teu boga jatidiri.

Kadua, paribasa sagala bangsa ngagambarkeun filsafat bangsa eta waktu paribasa eta diciptakeun. Aya anu langgeng sipatna, oge aya pikeun sawatara waktu bae, gumantung kumaha nilai-nilai anu dikandung ku filsafat eta. Jadi lamun urang rek nangtukeun jatidir Sunda ku salah sahiji paribasa nu saenyana mahi keur sagala jaman tapi disangka geus teu meujeuhna deui dina jaman kiwari, pasti urang salah. Saperti, herang caina beunang laukna, eta teh paribasa nu ngajar digawe ati-ati, lantip, bijaksana, hentu ngaruksak lingkungan. Cindekna mah, salawasna nincak dina jalan anu bener. Ari nurutkeun basa agama kapan kawijaksanaan atawa jalan anu bener teh, enas-enasna mah shirothol mustaqim. Kumaha filsafat kitu bias rek disebut teu mahi keur sagala jaman ? Atawa, ulah pupulur memeh mantun. Ku filsafat ieu urang Sunda dipentes ulah sok ngabiasakeun ngaheulakeun hak memmeh kawajiban, sabab eta teh henteu hade. Bukti anu nembresna mah kaayaan kiwari. Ruksakna nagara teh lantaran loba teuing urang Indonesia, pangpangna kalangan elitna anu sok resep ngaheulakeun hak batan kawajiban. Nyakitu deui bongkok ngaronyok bengkung ngariung, dihartikeun teu aya alusna ngumbara ninggalkeun lembur. Leuwih hade ngariung jeung dulur dina kaayaan kumaha bae oge. Padahal harti anu sabenerna tacan tangtu kitu lamun urang eungeuh aya paribasa ulah kurung batok, anu hartina patonggong-tonggong pisan jeung anu ti heula. Terus, tina tara ngumbara dipastikeun yen urang Sunda henteu mandiri. Jauh pisan tina bener sabab mandiri mah lain ditangtukeun ku resep jeung teu resep ngumbara. Mandiri mah sikep mental anu timbul lantaran aya kapercayaan anu kuat ka anu aya dina diri. Bisa kabeungharan, bias elmu, bias lantaran boga dulur anu bias dijieun gunung pananggeuhan, bias oge, jeung ieu pang alusna, lantaran aya kayakinan ka Allah SWT. Jaba ti eta kumaha rek disebut urang Sunda teu resep ngumbara padahal di mana-mana moal susah-susah teuing manggihan urang Garut, urang Tasik, urang Ciamis, urang Sumedang anu geus aya taunna ngumbara bari marawa kaahlian khas daerahna.

Katilu, paribasa Sunda ( kaasup paribasa deungeun ) bisa henteu ngagambarkeun jatidiri jaman kiwari. Tapi ngagambarkeun jatidiri karuhun anu nyieunna. Jatidiri Sunda kiwari moal bisa kagambarkeun ku pating rarengkolna paribasa Sunda ayeuna anu aya di mana-mana, tapi ku falsafat naon anu dipake padoman hirup. Jadi jatidiri Sunda kiwari ditangtukeun ku falsafat naon anu dipake padoman hirup ku urang Sunda kiwari. Lamun urang hayang terang jatidiri Sunda ayeuna, baca, tengetan, lenyepan masarakat Sunda ayeuna umumna. Lamun nyugemakeun, jatidirina pikareueuseun. Lamun ngerakeun, hartina jatidirina oge ngerakeun. Nilik kana paribasa-paribasa Sunda anu umumna islami, hartina ngabogaan nilai-nilai anu langgeng, kuring yakin pisan kaayaan Sunda ayeuna anu henteu matak reueus teh lantaran urang Sunda geus lila teuing ninggalkeun falsafat adiluhung anu dikandung ku paribasa-paribasana. Sama sakali lain kulantaran pageuh teuing ngeukeuweuk paribasa-paribasa titinggal karuhun. Kulantaran jatidiri Sunda teh bisa turun naek bareng jeung turun naekna kaayaan bangsa Sunda dina hiji waktu, tangtu bae pikeun urang leuwih utama lamun urang wawuh jeung jatidiri Sunda pangunggulna, hartina jatidiri Sunda anu kungsi nganteurkeun urang Sunda kana kajayaan anu pangnyongcolangna dina sajarahna. Nurutkeun sajarah, bangsa Sunda kungsi ngalaman puncak kajayaan waktu dirajaan ku Prabu Siliwangi anu kamashur. Dina waktu eta, dina wangunan nagara karajaan Pajajaran, masarakat Sunda kungsi ngahontal kajayaan anu pangpuncakna. Hartina rakyatna raharja lahir jeung batin. Dina lahir jeung batin anu raharja sagala rupa kahadean tumuwuh kalawan subur. Cindekna, di nagara anu rakyatna bias ngarasakeun nikmatna raharja lahir batin, sagala urusan poleksosbud oge milu jaya. Kaayaan kieu kungsi kappanggih ku rakyat Sunda, dina jaman Karajaan Pajajaran, dirajaan ku Prabu Siliwangi anu kamashur tea.

Bangsa Sunda bisa tepi kana martabat kitu lantaran jatidirina ngajak jeung nganteur ka dinya. Jatidirina nyumponan bisa ngajadikeun Sunda kitu. Sedeng jatidiri hiji bangsa, lamun lain identik oge pasti dipangaruhan ku jatidiri anu jadi pamingpinna, anu jadi rajana. Lantaran kitu lamun urang hayang terang jatidiri Sunda harita urang kudu maluruh jeung nangtukeun jatidiri Prabu Siliwangi heula. direbut batur. Atawa teu mandiri cenah lantaran pageuh teuing nyekel papatah kolot bongkok ngaroyok bengkung ngariung anu nyababkeun urang Sunda tara daek ngumbara.
sabada suku bangsa Jawa. jati diri Sunda teh. Upamana, Diana kayaan frustasi loba inohong Sunda boga pamanggih pajah urang Sunda mah sok kumeok memeh macok, teu bias diandelkeun dina diadu, nu matak sagala anu alus jeung anu ngeunah anu aya di

0 Comments:

 

© blogger beta templates | Webtalks