PRABU SILIWANGI
SAHA JEUNG KUMAHA ARI PRABU SILIWANGI ?
Prabu Siliwangi teh raja anu adil, pinter, wijaksana, jujur jeung kagungan dangiang atawa komara. Sipat sipat ieu pasti aya dianjeunna, sabab, lamun teu kitu pamohalan bisa mimpin karajaan anu rakyatna raharja lahir jeung batin. Bisa jadi bae hiji raja ngabogaan sipat pinter ngolah nagara, tapi teu dibarengan jujur jeung adil da moal matak raharja lahir batin ka rakyatna. Paling-paling ukur mere kamakmuran materi. Sipat sipat adil, pinter, wijaksana, kagungan dangiang jeung komara, mangrupa sipat sipat luhung anu aya di jelema, mangrupa kekecretan tina tina sipat sipat Allah anu mulya. Hartina, moal aya jalma anu ngabogaan sipat mulya kitu lamun lain meunang kekecretan tina sabagean sipat Allah Anu Maha Mulya. Jeun moal aya jalma meunang kekecretan sipat mulya lamun lain jalma anu dimulyakeun ku Allah SWT. Sedeng jalma anu dimulyakeun ku Allah teh jalma anu yakin jeung taat ka MantenNa. Cek agama Islam mah, jalma anu takwa. Kasimpulanana, Prabu Siliwangi teh jalma, raja anu yakin jeung taat ka Allah sarta masrahkeun jiwana ka Anu Maha Tunggal tur Maha Kawasa. Cek agama Islam mah jalma jeun raja anu tauhid.
Muncul pananya,
Agama Sunda, anu wallahu alam saha nabina ( tapi pasti aya lantaran seueur Nabi di luar anu 25 anu dikenal ku manusa jeung nabi eta pasti kaasup anu disebut muslim ku Quran ), anu geus nyampak samemeh aya Islam candak Nabi Muhammad saw, agama anu monoteistis, nyembah Dzat Anu Tunggal tur Maha Kawasa, kaasup kana golongan agama anu dicandak Nabi Ibrahim, agama anu hanif atawa agama anu lempeng identik jeung Islam.
Jalma anu taat kana agama langit, kaasup agama Sunda, ngandung harti jalma anu percaya jeung taat ka Allah SWT. Sedeng pikeun jalma anu taat ka Allah SWT aya jangji Allah anu diembarkeun ku Nabi Muhammad saw dina salah sahiji hadits Qudsyi :
"Hey abdi-abdi KAMI, pek geura taat ka KAMI. KAMI jangji baris maparin sabagian tina sipat-sipat KAMI. Jeung lamun maraneh aya kahayang, cukup sebutkeun kun fayaa kun." Prabu Siliwangi ngagem agama Sunda pasti kalawan kafah, paham kana lahiriahna katut batiniahna. Lamun hentu kitu mustahil kagolongkeun ka anu dimulyakeun ku Allah. Jadi asup akal pisan lamun Prabu Siliwangi, sabagi Raja anu taat ka Allah dipaparinan kekecretan tina sipat-sipat Allah anu nyukupan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, nyaeta adil, pinter, wijak sarta kagungan dangiang. Jalma badag pantaran Prabu Siliwangi biasa pisan ngajarkeun elmu jeung falsafah hirupna ka balarea. Aya anu ku cara nembrak, aya anu disilokakeun. Sabagaean gede ajaran Prabu Siliwangi disilokakeun. Anu pangutamana, minangka anu jadi babonna disilokakeun dina pakarang Sunda, Kujang. Sesana, anu aya ratusna, pating rarengkol dina paribasa-paribasa Sunda.
Tina Kujang anu dua pangadekna anu nyilokakeun dua rupa elmu mangrupa pakarang hirup, urang bias terang yen Prabu Siliwangi kagungan falsafat yen hirup teh lumangsung di dua alam. Lantaran kitu manusa kudu ngabogaan dua pakarang anu sawadina manunggal dina hiji diri manusa, nyaeta elmu kadunyaan pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung elmu kaaheratan pikeun meunangkeun kabagjaan aherat. Bisa oge disebut pikeun meunangkeun karaharjaan lahir jeung batin. Luyu pisan jeung udagan ajaran agama Islam anu dicandak ku Nabi Muhammad saw anu kasohor disebut kasaean dunya jeung kasaean aherat. Lamun urang nengetan paribasa-paribasa Sunda baris karasa pisan yen sabagean gede ngandung falsafat-falsafat anu Islami. Sabab kitu ajenna bisa dimangpaatkeun saban jaman. Contona, herang caina beunang laukna, ngajar ati-ati dina digawe, bati-bati hasil maksud oge ulah
Tina katerangan di luhur anu sanajan samporet muga-muga urang henteu kaliru lamun nyindekkeun jadi diri Prabu Siliwangi jeung jatidiri Sunda jaman harita. Jatidiri Prabu Siliwangi teh, nyakitu deui jatidiri sabagean gede rakyat Sunda harita, Taat ka Allah, ngawasa dua rupa elmu, nyebarkeun kahadean jeung kasalametan ka mana-mana. Sunda jaman ayeuna oge lamun hayang luhur martabatna kudu ngabogaan jatidiri kitu. Teu bisa henteu, urang Sunda anu ngabogaan jatidiri kitu, ku basa buhun mah mun anu ngarora disebut pandita sinatria. Cek basa Sunda pawayangan lalaki langit lalanang jagat. Cek basa Sunda modern, patriot-patriot anu religius. Pertanyaan Kumaha Ari Ki Sunda ? jawabna : Ki Sunda baheulla teh satria pinandita jeung pinandita sinatria. Sunda jaman ayeuna kudu jaradi lalaki langit lalanang jagat.
SAHA ARI SEKE SELER KI SUNDA ?
Lamun urang nyebut Sunda, anu dimaksud bangsa Sunda umumna. Tapi lamun geus nyebut Ki Sunda, anu dimaksud leuwih ngariut, khusus urang Sunda anu istimewa, anu ngabogaan sipat khusus, anu pantesna ngabogaan jati diri Sunda. Jadi lamun ditanya saha seke seler KiSunda, maksudna urang Sunda anu ngabogaan jatidiri urang Sunda baheula, nyaeta para satria pinandita atawa pinandita sinatria atawa lalaki lalanang jagat tea. Ssaha eta teh ? Sateuacan ngahiang Prabu Siliwangi kantos ngariungkeun baladna sarta ngembarkeun yen lalakon Pajajaran ngan tepi ka poe harita. Kulantaran anjeunna teue kersaeun nyandak rakyat balangsak, anjeunna maparin opat pilihan. Masing-masing bebas milih nurutkeun kahayangna.
- Pilihan kahiji, anu rek tetep satia ka anjeunna supaya misah di beulah kidul.
- Pilihan kadua, anu rek baralik deui ka nagara anu arek ditinggalkeun supaya ngariung di beulah kaler.
- Pilihan katilu, anu rek kumawula ka anu keur jaya, supaya ngumpul dibeulah wetan.
- Pilihan kaopat, anu moal milu ka saha-saha supaya ngumpul di beulah kulon.
Anu milih kadua, katilu jeung kaopat ku anjeunna ditorah. Saurna, anu nyokot pilihan kadua, anu ngumpul di beulah kaler, bakal jaradi somah. Lamun aya oge anu luhur pangkat moal boga kakawasaan. Bakal kaseundeuhan ku batur anu sarusah jeung anu nyusahkeun. Golongan ieu, kitu ge anu hade laku lampahna tur butuheun, sawaktu-waktu baris dilanglang ku anjeunna dibantuan ngungkulan kasusahna.
Anu nyokot pilihan katilu, anu misahkeun maneh di beulah wetan, saur anjeunna, bakal milu jaya jeung anu kawasa, bakal marentah dulur sorangan jeung ka batur jeung bakal kamalinaan. Antukna bakal narima wawalesna.
Sedeng anu milih anu kaopat, anu ngariung di beulah kulon, anu moal milu kasasaha, diparentahkeun sangkan jaradi ahli sajarah, nyukcruk galur mapay laratan urang Sunda nyingraykeun tapak-lacak Ki Santang, terus jadi juru geuing ka batur salembur, dulur sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu milih tetep satia ka anjeunna mah henteu disabit-sabit.
Nilik kana sipat pilihan jeung ramalan anjeunna, sigana anu milih kawetan mah, anu rek biluk ka anu kawasa moal bisa disebut Ki Sunda da sidik geun ninggalkeun jati diri Sunda. Anu milih ka beulah kaler najan masih bisa disebut seke seler Sunda, tapi kaasup golongan anu lemah an henteu boga kakawasaan, anu baris sarusah hirupna. Kaayaanana jauh tina implengan ajeunna, tepi ka perlu dilanglang ku kanyaah anjeunna jeung baris dibantuan. Kitu ge ukur anu hade laku lampahna. Anu milih ka lebah kulon, diparentahkeun jeung diramalkeun bakal jadi kaum terpelajar urang Sunda, khususna dipentes jadi ahli
sajarah kasundaan anu boga kawajiban ngelingan dulur jeung batur batur salembur jeung batur anu kungsi sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu dina hatena aya rasa hormat, reueus, nineung jeung nyaah ka anjeunna, aya keneh kadaek najan
disebut seke-seler Ki Sunda.
Nu milih tetep ssatia mah, anu misahkeun maneh di beulah kidul, henteu disabit-sabit. Tapi ku urang bisa kabaca yen satiana teh lahir batin tanpa pamrih. Teu keueung ku kabalangsakan anu digambarkeun ku anjeunna. Jumlahna pasti saeutik pisan dibandingkeun jeung anu sejenna. Malah dijumlahkeun jeung anu milih ka kulon oge tetep jauh leuwih saeutik batan anu kakaler jeung ka wetan dihijikeun. Jumlah anu saeutik, tur bisa dianggap ngawakilan balarea, jaman ayeuna mah disebut kaum elit. Jadi. Ki Sunda teh elitna urang Sunda. Seke seler Ki Sunda elitna urang Sunda kiwari anu kudu ngabogaab jatidir Sunda seperti anu dicontoan tur diajarkeun ku Prabu Siliwangi : satria pinandita, pandita sinatria atawa lalaki langit lalanang jagat . Lamun para elit Sunda ngabogaan jatidir ieu, teu mustahil Sunda geus luhung martabatna ti beh ditu keneh, moal kokosodan
0 Comments:
Post a Comment